:

1 Raja-raja 1

1

Raja Daud geus kacida sepuhna, salirana kudu dikampuhan bae, tapi kitu ge salirana teu haneut-haneut.

2

Mantri-mantrina arunjukan, "Gusti, saena mah Gusti teh aya anu ngamemenan ulah petot-petot, sareng kedah aya anu ngarencangan ebog supados haneut. Bade dipangmilariankeun budak parawan."

3

Seug dipangmilariankeun mojang geulis ti sakuliah Israil. Manggih di Sunem, ngaranna Abisag.

4

Nyi mojang teh teuing ku geulis, tuluy dideuheuskeun ka raja, dibakukeun ngamemenan jeung maturan ebog wungkul, ku raja teu ditemahan.

5

Sanggeus Absalom teu aya, putra Daud anu pangageungna tinggal Adonia, putra ti Hagit. Ieu oge kasep pisan. Saumurna ku Daud tara pisan diseuseul atawa digetrik-getrik. Adonia hayangeun jadi raja, tuluy nyadiakeun kareta jeung kudana katut pangawal pribadi lima puluh urang.

6

(1:5)

7

Ti dinya ngajak pasini ka Yoab putra ibu Seruya jeung ka Imam Abyatar. Aranjeunna nyatujuan jeung sanggup ngabantu.

8

Imam Sadok, Benaya bin Yoyada, Nabi Natan, Simei, Rei, jeung kapetengan raja henteu pipilueun.

9

Dina hiji poe Adonia ngayakeun kurban domba, sapi jalu jeung anak sapi anu lalintuh di hiji tempat anu ngaranna Cadas Oray deukeut cinyusu En Rogel, ngondangan rayi-rayina putra-putra raja anu pameget jeung para mantri raja urang Yuda.

10

Ari Suleman raina, Nabi Natan, Benaya, jeung pangawal pribadi raja mah henteu diondang.

11

Nabi Natan misaur ka Batseba, "Parantos kenging wartos? Adonia putra Hagit ngarajakeun anjeun! Gusti urang, Daud, teu uningaeun!

12

Supados Nyi Raja sareng putra Suleman salamet, Bapa seja ngemutan.

13

Enggal deuheusan Sang Raja, saurkeun, ‘Gusti teh sanes parantos ikrar yen pun anak Suleman bade dijenengkeun raja, gegentos Gusti? Geuning ayeuna Adonia anu jadi raja?’"

14

Saur Natan deui, "Engke sabot Nyi Raja unjukan, Bapa ge bade ngadeuheus nimpalan pihatur."

15

Batseba angkat nepangan raja, sup ka pajuaran. Raja teh geus sepuh pisan, keur dimemenan ku nyi Abisag urang Sunem.

16

Batseba nyampoyong dat nyembah. Ku raja dipariksa, "Aya naon, Nyai?"

17

Pok ngawangsul, "Gusti panutan! Kapungkur Gusti parantos ikrar kalayan nyebat pajenengan PANGERAN, Allah panutan Jeng Raja, yen Suleman tangtos didamel raja gegentos Gusti.

18

Ayeuna anu jadi raja teh Adonia. Gusti teu uninga!

19

Anjeunna parantos ngadamel kurban pirang-pirang sapi, domba sareng anak sapi anu lalintuh, ngondangan putra-putra anu pameget, Imam Abyatar, sareng Panglima Yoab. Putra Gusti mah Suleman henteu diondang.

20

Gusti panutan, bangsa Israil nuju ngajeng-ngajeng timbalan, harayang terangeun saha anu bakal jadi raja gegentos Gusti.

21

Upami henteu enggal-enggal diumumkeun ayeuna, engke saparantos Gusti ngantunkeun, abdi sareng pun anak Suleman bakal disebat hianat."

22

Sabot Batseba unjukan, Natan sumping ka karaton.

23

Sanggeus diuningakeun ka raja, Nabi Natan lebet, dat nyembah.

24

Ti dinya pok mihatur, "Nun Gusti Sang Raja, dupi Adonia jadi raja gegentos Gusti teh, Gusti anu ngersakeun?

25

Dinten ieu Adonia parantos meuncit pirang-pirang sapi, domba sareng anak sapi kabiri, ngondangan putra-putra raja anu pameget, Panglima Yoab, sareng Imam Abyatar. Ayeuna aranjeunna nuju pesta ngawilujengkeun Adonia, ‘Wilujeng Raja Adonia!’

26

Abdi mah kitu deui Imam Sadok, Benaya, sareng Suleman, henteu dibantun-bantun.

27

Naha eta teh parantos pangersa Gusti, kalayan teu diwartoskeun heula ka para gegeden, saha raja gegentos Gusti teh?"

28

Raja ngadawuh, "Batseba sina lebet deui." Batseba lebet deui, ngadeg di payuneun raja deui.

29

Ti dinya raja ngalahir ka anjeunna, "Kami jangji ka Nyai, demi jumenenging PANGERAN anu geus ngajait kami tina sagala bancang pakewuh,

30

yen poe ieu kami seja ngabuktikeun jangji kapungkur ka Nyai kalayan nyebut pajenengan PANGERAN Allahna Israil, yen Suleman anak Nyai, jadi raja gaganti kami!"

31

Batseba nyembah, pok miunjuk, "Mugia Gusti panutan wilujeng sapapaosna!"

32

Geus kitu raja nimbalan ngangkir Imam Sadok, Nabi Natan, jeung Benaya. Sanggeus eta sarumping,

33

raja nimbalan, "Putra kami Suleman tumpakkeun kana bigal titihan kami, anteurkeun ku maraneh jeung para gegeden karaton kami ka Cinyusu Gihon.

34

Lisahan di ditu ku Sadok jeung Nabi Natan, angkat raja nyangking Israil. Tiup tarompet tuluy surakkeun, ‘Wilujeng Raja Suleman!’

35

Anteurkeun deui ka dieu, sina nyalikan tahta kami. Suleman nu jadi raja gaganti kami. Suleman anu ku kami geus ditangtukeun bakal jadi raja nyangking Israil jeung Yuda."

36

Ngawangsul Benaya, "Amin. Timbalan tangtos laksana. Mugi diteguhkeun ku PANGERAN, Allah Jeng Raja.

37

Mugi Mantenna nyarengan ka Suleman, sakumaha nyarengan ka Gusti Jeng Raja. Sareng mugia jaman pamarentahan Suleman langkung jembar ti batan jaman Jeng Gusti."

38

Suleman dititihkeun kana bigal titihan Raja Daud, terus diiring ku Sadok, Natan, Benaya, jeung para pangawal pribadi raja, dianteurkeun ka Cinyusu Gihon.

39

Ti dinya Imam Sadok ngaluarkeun wadah minyak jetun candakna ti Kemah Tepangan PANGERAN. Seug Suleman dilisahan. Geus kitu tarompet ditiup, ger jalma-jalma sarurak, "Wilujeng Raja Suleman!"

40

Suleman diiring, jalma-jalma teu eureun-eureun surak dibarung ku sora suling, ngageder mani asa eundeur jagat.

41

Sora anu sakitu ngagederna karungu ku Adonia jeung para ondangan anu kakara reres dalahar. Yoab curinghak seug mariksa, "Aya naon di dayeuh mani ngageder?"

42

Tacan tutup sasauranana, dumadakan jol Yonatan bin Abyatar norojol. Dihiap ku Adonia, "Kadieu asup! Andika jalma sinatria, tangtu mawa beja alus."

43

Tembal Yonatan, "Nu mawi sanes! Leresna mah Raja Daud parantos ngangkat Suleman jadi raja.

44

Raja nimbalan ka Sadok, Natan, Benaya, sareng kapetengan raja supados ngaping Suleman. Suleman ditunggangkeun kana bigal titihan raja.

45

Ayeuna Suleman parantos dilisahan di Cinyusu Gihon ku Sadok sareng Natan, parantos jadi raja. Parantos marulih deui ka dayeuh, diiring ku nu salusurakan. Anu kadarangu bieu teh sora eta.

46

Suleman ayeuna parantos jumeneng raja.

47

Sadaya gegeden karaton nawiskeun sumujudna ka Raja Daud, salaurna, ‘Mugia Allah Jeng Gusti ngersakeun Suleman langkung kamashur batan Jeng Gusti. Mugia jaman pamarentahanana langkung jembar ti batan jaman Jeng Gusti.’ Saparantos kitu Raja Daud sujud di pajuaran,

48

sembahyang, ‘Maha Agung PANGERAN Allah Israil. Gusti dinten ieu parantos ngangkat pun anak Suleman, jadi raja gegentos abdi, tur abdi kawidian tiasa keneh nyaksian.’"

49

Tamu-tamu Adonia pohara ngagarebegna, tuluy budal baralik.

50

Ari Adonia anu kacida sieuneunana ku Suleman gura-giru muru ka Kemah Tepangan PANGERAN, tuluy nangkeup kana tatandukan altar.

51

Raja Suleman diuningaan, "Adonia sieuneun ku Gusti. Ayeuna nuju nanangkeup tatandukan altar sarta saurna, ‘Unjukkeun ka Suleman, mugi anjeunna jangji kituh yen moal maehan ka kami.’"

52

Raja Suleman ngawaler, "Lamun enya rek satia, buukna salambar moal diganggu. Sabalikna lamun kanyahoan boga niat jahat, tan wande dipaehan."

53

Adonia ku Suleman dipiwarang diala, diturunkeun tina altar. Gancangna Adonia geus aya di payuneun Suleman, bruk nyuuh di payuneunana. Ti dinya raja ngalahir, "Maneh meunang balik."

Link: